
Ayeuna, mangsa geus datang kana ugalna, kadeudeuh nu napel dina témbok sakola, kanyeri nu leungit ku sora pameuyeum imut, teuleum ka jero mangsa, hidep kudu ngudag béntang nu kungsi dicaritakeun baheula.
Najan beurat, hidep milih pamit sabab geus gurat takdir, lain rek poho tapi neang jalan keur mulang mawa kabagjan. Hampura… bilih aya kecap nu ngaraheutkeun
Hampura… bilih aya laku nu teu sapuk.
Mungkas carita di SMAN 1 Cipeundeuy ku cimata kabagjaan. Pileuleuyan barudak …
-gurat patlot guru informatika-

